| Angklung |
Papatah Sunda :
- Ulah unggut kalinduan ulah gedag kaanginan
- Hirup kudu akur jeung batur sakasur, batur sadapur, batur sasumur, jeung batur salembur.
- Hadé ku omong goréng ku omong, ulah ngomong lamun lain omongkeuneunnana.
- Ulah mopo méméh nanggung
- Ulah kuméok méméh dipacok
- Ulah agul ku payung butut
- Ulah bentik curuk balas nunjuk, capétang balas miwarang
- Lamun barang béré ulah cukup belengur baraga naya
- Datang kudu katénjo tarang, undur kudu katénjo punduk
- Sakirana teu bisa jeung teu ngarti mah ulah jabung tumalapung sabda kumapalang
- Hayang teu teurak di kadék mah lain kudu diajar élmu weduk tapi sing bisa ngajaga lisan jeung kalakuan ulah nganyerikeun batur.
- Dina hirup kumbuh kudu daék méré mawéh ka sasama, nulung kanu butuh, nalang kanu susah.
- Ulah ngarasa pangjagona da manusa mah euweuh nu boga élmu panutup, di luhur langit masih kénéh aya langit.
- Lamun jangji kudu sacangreud pageuh sagolék pangkék
- Gunung teu meunang dilebur, sagara teu meunang diruksak, buyut teu meunang direumpak.
Post a Comment
Post a Comment